Artikel Sunda (Pamiangan)
LOBA nu nyebutkeun yén budaya Sunda ayeuna aya dina mangsa nanjeur (rénaisans). Anu jadi ciri-cirina di antarana tetep terbitna buku jeung koran dina basa Sunda, nya kitu deui tumuwuhna sumanget kasundaan dina raraga otonomi daérah. Upama diban ding¬keun jeung kaayaan budaya lian—bu daya étnik di Indonesia—budaya Sunda mémang aya punjulna. Tapi soheh henteuna disebut manjing rénaisans, masih merlukeun bukti-bukti anu leuwih daria. Sabab bisa jadi ciri-ciri anu kasebut tadi teu acan kauji ku waktu puguh lajuning lakuna.
Hiji perkara utama anu masih henteu kapaliré dina saniskara wawangkongan ngeunaan Sunda, nyaéta ngeunaan manusa Sunda minangka anu ngahasilkeun (produsén) kabudayaan. Sawala kabudayaan lolobana leuwih mentingkeun kana hasil (produk) kabudayaan anu geus aya. Memang produk budaya ogé hiji perkara anu kacida pentingna pikeun diropéa. Tapi didasaran ku cita-cita nanjeurkeun budaya Sunda leuwih ti anu kahontal ayeuna, perhatian éta tacan nyukupan. Tacan nyumponan kana sarat unggulna budaya Sunda; nyaéta méré ‘nyawa’ ka manusa Sunda pikeun ngahirup-hurip budayana. Hiji perkara anu henteu énténg sabab urang Sunda ngaliwatan mangsa anu lila, geus leungiteun ‘prinsip’ pikeun tukuh kana budayana, alatan kudu kompromi jeung rupa-rupa budaya anyar/séjén anu teu bisa dibendung pangaruhna.
Sajatina pasualan manusa minangka produsén kebu daya an, jadi masalah universilpikeun masarakat dunya wétan (Asia-Afrika), anu tepi ka danget kiwari aya dina kalangkang budaya kulon (Eropa-Amerika Serikat). Masarakat kulon jadi ‘pangawasa’ anu nangtukeun ajen hiji budaya, anu ngalantarankeun masarakat wétan ngan saukur bisa tuturut munding. Contona, budaya Sunda kakara boga ajén luhur lamun panalungtik kulon mupakat méré ajén anu luhur.

Dina mangsa kiwari, urang Sunda mémang moal bisa nyorangan dina nanjeurkeun budayana. Tapi sahenteuna, kudu aya alesan anu kaharti, keur naon urang Sunda bet kudu tukuh dina budayana. Alesan anu lain politis atawa ngan saukurékol ngakalan turunna dana ti Pémda. Alesan anu bisa ngahudangkeun sumanget sakumna urang Sunda pikeun ngamumulé budayana. Ku kituna kudu aya hiji tetekon (paradigma) kabudayaan anu bisa ngawéngku —henteu ngawilah-wilah— sakur urang Sunda. Pikeun ngawujudkeun hal éta, kudu aya mangsa anu dijadikeun pamiangan. Urang Eropa dina neja rénaisans-na, museur keun perhatian ku jalan neuleuman kabeungharan filsafat Yunani. Maranéhna ngamangpaatkeun keleukeunan parasarjana muslim anu geus ngaabadikeun filsafat Yunani dina mangrébu-rébu buku. Atawa urang Timur Tengah anu kiwari mimiti museurkeun paniten kana kamajuan dina mangsa Baghdad, sabadana sadar yén teu bisa namplok keun eunteung kahirupan sagemblengna kana mangsa Madinah.
Tumerapna urang Sunda, kudu museur ka mangsa anu mana? Simkuring ngusulkeun mangsana Prabu Wastu Kan cana anu lungguh di Galuh ibukota Karajaan Sunda. Mangsa ieu leuwih écés mungguh paraahli sajarah. Hartina, mangsa ieu teu gaib-gaib teuing keur urang Sunda cara mangsa anu séjénna. Hiji mangsa anu puguh laratanana; boh ku sababaraha prasasti Kawali, boh ku makam di Nusalarang, boh ku sajarah Dyah Pitaloka (Citraresmi) anu moal kapopoheukeun ku sakumna urang Sunda. Dina mangsa ieu aya Siksa Kanda ng Karesian (1518) anu jadi patokan hirup kumbuh balaréa. Dina kitab ieu pisan ditegeskeun pancén prepantun (juru pantun) minangka transformer ajaran agama/kapercayaan ngaliwatan carita pantun. Ayana carita-carita pantun, miturut Jakob Sumar djo, jadi hiji fakta sajarah anu teu bisa dibantah anu nuduh keun ayana kahirupan intéléktual dina masarakat Sunda. Sabab hamo bisa aya carita pantun lamun lain diciptakeun ku intéléktual anu masagi. Juru pantun mah saukur anu nepikeun ka balaréa, tapi ari carita pantunna mah dianggit ku ‘parakréator’ anu tabah tur paripurna. Mangsa ieu meneran pisan pikeun ngajawab panyangka salah (prejudice) yen urang Sunda teu ngabogaan tradisi intéléktual (mikir daria).

Artikel
Tungtung Zaman
Lebah dieu pisan ayeuna urang hirup. Dina gawir Anu lungkawing. Ceuk sawaréh jalma, disebutna zaman akhir. Disebut zaman akhir kusabab ayeuna urang hirup siga dina kaayaan anu pang anyarna, babakuna sagala kudu sing sarwa anyar, boh dina réngkak, ogé pikir. Lamun teu maké cara anyar, inggis disebut katinggaleun zaman. Lamun teu boga cara pikir anyar, geus tangtu katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar. Urang kulon nyebutna zaman ayeuna téh The New world order, Novus Ordo Sclorum, dunya anu sing sarwa anyar.
Asa patojainyah pisan, zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring disebut zaman akhir. Lamun niténan sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna, hirup jeung sajarah manusa teu bisa dipisah-pisah, direcah kawas urang nyiksikan daging, ti mimiti sajarah manusa aya, ti mimiti seratan dipikawanoh ku manusa anu disebut zaman sajarah téa, nepi ka danget kiwari kudu disajajarkeun kalawan bener. Sangkan urang bisa manggihan, naon sabenerna inti tina sajarah kahirupan manusa.
Pentingna nyayahokeun sajarah téh lain saukur keur nambahan pangarti, tapi aya hal séjén, ku ngartina urang kana sajarah kahirupan manusa, bakal muka diri urang, lamun zaman ti mimiti aya manusa nepi ka danget ayeuna téh, éstu hiji mata ranté anu teu bisa misah. Kuring kumawani nyerat, lamun zaman anu ayeuna ku urang keur dicicingan mangrupa zaman akhir, gawir anu lungkawing, lain pédah nyanyahoan, tapi teu leupas tina hiji kayakinan, lamun sagala anu fana geus tangtu bakal manggih tungtung.
Urang kulon, ti awal abad 19 ogé geus nyebut lamun zaman pasca révolusi Industri mangrupa hiji “ Tatanan Dunia Baru”. Ku lolobana urang wétan, kalimah The New World Order ditafsirkeun hiji konspirasi global kaum free-mason anu nyoba rék ngaloyogkeun zaman jeung kahayang pamikiran maranéhna. Ari kitu téa mah bisa dibenerkeun. Éropah anu diluluguan ku inggris, mimiti nanjeurkeun kolonialisme jeung impérialism téh dina saba’da révolusi Industri meugar. Tapi sing inget, da anu ngaranna kolonialisasi jeung impérialisasi mah teu saukur dialaman ku zaman pasca révolusi industri wungkul, kahayang manusa ngumawasa ka manusa séjénna geus lumangsung jauh saméméh zaman modérn. Dina Qur’an diébréhkeun, kumaha rongkahna Fir’aun dina ngajual kasombongan jeung kabengisan ka papada manusa. Jadi, sajarah manusa téh sabenerna mangrupa dedegan anyar tapi stokna mah heubeul, éta-éta kénéh.
Novus Ordo Sclorum geus nanceub kuat, lain saukur nancleub wungkul tapi ngagusur urang kana kahirupan anu beuki deukeut kana gawir nu lungkawing. Dina mangsana, manusa bakal jadi siga robot anu aya dina hiji kotak, dikumpulkeun ku anu bogana, terus dicocoo sakahayang manéh. Da puguh, tujuan utama N.O.S téh mawa manusa kana hiji kaayaan anu sarua, sapamadegan, loyog jeung kahayang dalangna. Ayeuna ogé meureun geus karasa. Kumana diranténa urang ku pangabutuh kudu nyaloyogkeun diri , hirup kudu saluyu jeung kabiasaan anu keur lumaku, lamun teu biasa bakal disebut katinggaleun.
Dina waktu anu samporét ieu, moal lila ti kuring nulis ieu seratan, meureun kana lima atawa sapuluh taun kahareup mah, kahirupan téh moal mekar, tapi kitu-kitu kénéh, da manusa geus diabuskeun kana panjara pikiranna sorangan. Manusa ngan jadi saukur barisan data, ngaran anu dipajang dina papan data, dipaksa sangkan nyabut jatidiri anu sajati, urang Sunda bakal kapaksa ngaleupaskeun kasundaanna da keur ngudag batur anu geus nyaluyukeun manéh jeung zaman. Haté, aféksi, geus diangkat teuing kamana. Masyarakat téh kumpulan jalma anu sabenerna ngabutuhkeun hiji sikep jujur, silih hormat jeung papada, tapi ku disérédna jalma kana zaman akhir ieu, hal anu aya patula-patalina jeung haté, rasa, aféksi, sili asih, sili welas, bakal ditinggalkeun. Da dina zaman akhir mah moralitas geus moal laku. Anu laku di dieu mah nyaéta populéritas.
Tong jauh-jauh, yu urang ténjo kana diri sorangan. Lamun can boga hapé modél pang anyarna asa aya jeung hirup di zaman Nabi Nuh jigana. Hartina, pola pikir urang geus pakem, ngan saukur ngandelkeun kognitif wungkul, atuh kusabab anu digugulung téh kognitif, geus tangtu anu dikaluarkeun ku diri urang ogé hal anu kudu loyog jeung pikiran urang. Lain pikiran murni, tapi pikiran anu geus dibaruang ku kaayaan. Puguh da ari kitu téa mah, Téh New World Order ti mimiti aya ogé geus ngajak jalma sangkan mangéranan kognitif, akal, pikiran, humanisme. Lain hartina kuring teu percana kana humanisme, da humanisme anu sabenerna mah ngajarkeun lamun manusa téh sabagé puseur kakawasaan, hirup jalma ditangtukeun ku éta jalma. Miceun hal-hal anu métafisik tina kahirupan.
Kusabab kognitif anu digugulung jeung diajén-ajén, balukarna anu diajén-ajén, diadén-adén, diménak-ménak téh lain saukur eusi sirah, tapi raga badag anu katénjo wungkul, lahiriah anu karampa. Titél anu nyantél, status sosial, jeung jabatan anu jadi ukuran manusa boga harkat di hareupeun manusa séjénna.
Toffler bisa jadi hiji jalma anu boga kayakinan, lamun hirupa manusa téh bakal salilana ngajurus kana kamajuan. Da anu ngaranna ngaramalkeun mangsa ka hareup mah hiji hal anu mustahil. Ceuk Toffler sorangan, lamun pikiran jalma sifatna teu linéar, teu lempeng kitu baé, balucat-balicet. Ngan anu ngaranna kamajuan, biasana keukeuh sok dikuat-kaitkeun jeung kognitif hiji jalma. Padahal ti sagigireun kognitif, manusa ngabutuhkeun hal anu penting séjénna, nyaéta aféksi, pangakuan diri sorangan, kajujuran, jeung ngarampa kana rasa batur.
Lamun manusa geus dialeutkeun ngan saukur barisan data anu minuhan papan data, computer, robot bari teu boga haté, anu bakal digugulung téh kumaha carana ngéléhkeun anu séjén. Pasanggiri anu dimeunangkeun ku agama ngan saukur tina kaalusan, tapi lamun haté geus dicabut tina kahirupan, pasanggiri anu lumangsung nyaéta, kumaha carana sangkan urang anu meunang sorangan, dina éléhna ogé urang moal narima. Sababaraha kasus PEMILUKADA bisa jadi conto. Kusabab éléh , calon anu éléh embung ngaku éléh, da maranéhna percaya teuing kana data anu diténjokeun ku tim suksésna.
Karasa meureun ku urang ogé, kumaha bedana hirup waktu leutik jeung hirup ayeuna?
No comments:
Post a Comment